Pesan-pesan inilah yang dipercaya sebagai ramalan Prabu Siliwangi untuk kejadian yang akan terjadi dimasa yang akan datang.
Beginilah pesan-pesannya :
Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!
Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina
sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia
kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia
pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu
marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang
sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari,
tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih!
ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi
Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”
Artinya :
Prabu Siliwangi berpesan pada warga Pajajaran yang ikut mundur pada waktu beliau sebelum menghilang :
“Perjalanan
kita hanya sampai disini hari ini, walaupun kalian semua setia padaku!
Tapi aku tidak boleh membawa kalian dalam masalah ini, membuat kalian
susah, ikut merasakan miskin dan lapar. Kalian boleh memilih untuk hidup
kedepan nanti, agar besok lusa, kalian hidup senang kaya raya dan bisa
mendirikan lagi Pajajaran! Bukan Pajajaran saat ini tapi Pajajaran yang
baru yang berdiri oleh perjalanan waktu! Pilih! aku tidak akan melarang,
sebab untukku, tidak pantas jadi raja yang rakyatnya lapar dan miskin.”
Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah
kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka
beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah
wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!
Artinya:
Dengarkan!
Yang ingin tetap ikut denganku, cepat memisahkan diri ke selatan! Yang
ingin kembali lagi ke kota yang ditinggalkan, cepat memisahkan diri ke
utara! Yang ingin berbakti kepada raja yang sedang berkuasa, cepat
memisahkan diri ke timur! Yang tidak ingin ikut siapa-siapa, cepat
memisahkan diri ke barat!
Daréngékeun! Dia nu di beulah
wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu
engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho,
arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura
narindak!
Artinya:
Dengarkan!
Kalian yang di timur harus tahu: Kekuasaan akan turut dengan kalian!
dan keturunan kalian nanti yang akan memerintah saudara kalian dan orang
lain. Tapi kalian harus ingat, nanti mereka akan memerintah dengan
semena-mena. Akan ada pembalasan untuk semua itu. Silahkan pergi!
Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab
engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur
urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di
haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora
tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di
Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura
narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!
Artinya:
Kalian
yang di sebelah barat! Carilah oleh kalian Ki Santang! Sebab nanti,
keturunan kalian yang akan mengingatkan saudara kalian dan orang lain.
Ke saudara sedaerah, ke saudara yang datang sependirian dan semua yang
baik hatinya. Suatu saat nanti, apabila tengah malam, dari gunung
Halimun terdengar suara minta tolong, nah itu adalah tandanya. Semua
keturunan kalian dipanggil oleh yang mau menikah di Lebak Cawéné. Jangan
sampai berlebihan, sebab nanti telaga akan banjir! Silahkan pergi!
Ingat! Jangan menoleh kebelakang!
Dia nu marisah ka beulah
kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur
tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu
jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka
seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun.
Sing waspada!
Artinya:
Kalian
yang di sebelah utara! Dengarkan! Kota takkan pernah kalian datangi,
yang kalian temui hanya padang yang perlu diolah. Keturunan kalian,
kebanyakan akan menjadi rakyat biasa. Adapun yang menjadi penguasa tetap
tidak mempunyai kekuasaan. Suatu hari nanti akan kedatangan tamu,
banyak tamu dari jauh, tapi tamu yang menyusahkan. Waspadalah!
Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu
anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu
sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal
kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang.
Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu
ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku
lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku
wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit
dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti
ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir!
Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih
deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba
nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Artinya:
Semua
keturunan kalian akan aku kunjungi, tapi hanya pada waktu tertentu dan
saat diperlukan. Aku akan datang lagi, menolong yang perlu, membantu
yang susah, tapi hanya mereka yang bagus perangainya. Apabila aku datang
takkan terlihat; apabila aku berbicara takkan terdengar. Memang aku
akan datang tapi hanya untuk mereka yang baik hatinya, mereka yang
mengerti dan satu tujuan, yang mengerti tentang harum sejati juga
mempunyai jalan pikiran yang lurus dan bagus tingkah lakunya. Ketika aku
datang, tidak berupa dan bersuara tapi memberi ciri dengan wewangian.
Semenjak hari ini, Pajajaran hilang dari alam nyata. Hilang kotanya,
hilang negaranya. Pajajaran tidak akan meninggalkan jejak, selain nama
untuk mereka yang berusaha menelusuri. Sebab bukti yang ada akan banyak
yang menolak! Tapi suatu saat akan ada yang mencoba, supaya yang hilang
bisa diteemukan kembali. Bisa saja, hanya menelusurinya harus memakai
dasar. Tapi yang menelusurinya banyak yang sok pintar dan sombong. dan
bahkan berlebihan kalau bicara.
Engké bakal réa nu kapanggih,
sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang!
Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan
bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di
birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum,
karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong
lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan,
ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah
ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu
kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba
lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa
lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung
nitis, laju nitis dipinda sukma.
Artinya:
Suatu
saat nanti akan banyak hal yang ditemui, sebagian-sebagian. Sebab
terlanjur dilarang oleh Pemimpin Antar Waktu! Ada yang berani menelusuri
terus menerus, tidak mengindahkan larangan, mencari sambil melawan,
melawan sambil tertawa. Dialah Anak Gembala. Rumahnya di belakang
sungai, pintunya setinggi batu, tertutupi pohon handeuleum dan hanjuang.
Apa yang dia gembalakan? Bukan kerbau bukan domba, bukan pula harimau
ataupun banteng. Tetapi ranting daun kering dan sisa potongan pohon. Dia
terus mencari, mengumpulkan semua yang dia temui. Tapi akan menemui
banyak sejarah/kejadian, selesai jaman yang satu datang lagi satu jaman
yang jadi sejarah/kejadian baru, setiap jaman membuat sejarah. setiap
waktu akan berulang itu dan itu lagi.
Daréngékeun! Nu kiwari
ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi
Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal
jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu
tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel
bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab
murah jaman seubeuh hakan.
Artinya:
Dengarkan!
yang saat ini memusuhi kita, akan berkuasa hanya untuk sementara waktu.
Tanahnya kering padahal di pinggir sungai Cibantaeun dijadikan kandang
kerbau kosong. Nah di situlah, sebuah nagara akan pecah, pecah oleh
kerbau bule, yang digembalakan oleh orang yang tinggi dan memerintah di
pusat kota. semenjak itu, raja-raja dibelenggu. Kerbau bule memegang
kendali, dan keturunan kita hanya jadi orang suruhan. Tapi kendali itu
tak terasa sebab semuanya serba dipenuhi dan murah serta banyak pilihan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir,
tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah
loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala!
Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya
gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan;
tapi jalan nu pasingsal!
Artinya:
Semenjak
itu, pekerjaan dikuasai monyet. Suatu saat nanti keturunan kita akan
ada yang sadar, tapi sadar seperti terbangun dari mimpi. Dari yang
hilang dulu semakin banyak yang terbongkar. Tapi banyak yang tertukar
sejarahnya, banyak yang dicuri bahkan dijual! Keturunan kita banyak yang
tidak tahu, bahwa jaman sudah berganti! Pada saat itu geger di seluruh
negara. Pintu dihancurkan oleh mereka para pemimpin, tapi pemimpin yang
salah arah!
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung,
kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang
ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku
monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku
monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala
diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat
dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan
urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang
ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga.
Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.
Artinya:
Yang
memerintah bersembunyi, pusat kota kosong, kerbau bule kabur. Negara
pecahan diserbu monyet! Keturunan kita enak tertawa, tapi tertawa yang
terpotong, sebab ternyata, pasar habis oleh penyakit, sawah habis oleh
penyakit, tempat padi habis oleh penyakit, kebun habis oleh penyakit,
perempuan hamil oleh penyakit. Semuanya diserbu oleh penyakit. Keturunan
kita takut oleh segala yang berbau penyakit. Semua alat digunakan untuk
menyembuhkan penyakit sebab sudah semakin parah. Yang mengerjakannya
masih bangsa sendiri. Banyak yang mati kelaparan. Semenjak itu keturunan
kita banyak yang berharap bisa bercocok tanam sambil sok tahu membuka
lahan. mereka tidak sadar bahwa jaman sudah berganti cerita lagi.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur,
galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé
ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting
rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu
paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut
musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu
bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk
tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu
harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk,
henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun
jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.
Artinya:
Lalu
sayup-sayup dari ujung laut utara terdengar gemuruh, burung menetaskan
telur. Riuh seluruh bumi! Sementara di sini? Ramai oleh perang, saling
menindas antar sesama. Penyakit bermunculan di sana-sini. Lalu keturunan
kita mengamuk. Mengamuk tanpa aturan. Banyak yang mati tanpa dosa,
jelas-jelas musuh dijadikan teman, yang jelas-jelas teman dijadikan
musuh. Mendadak banyak pemimpin dengan caranya sendiri. Yang bingung
semakin bingung. Banyak anak kecil sudah menjadi bapa. Yang mengamuk
tambah berkuasa, mengamuk tanpa pandang bulu. Yang Putih dihancurkan,
yang Hitam diusir. Kepulauan ini semakin kacau, sebab banyak yang
mengamuk, tidak beda dengan tawon, hanya karena dirusak sarangnya.
seluruh nusa dihancurkan dan dikejar. Tetapi…ada yang menghentikan, yang
menghentikan adalah orang sebrang.
Laju ngadeg deui raja,
asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung
biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé
apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon!
Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan
ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui
karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh
Pajajaran.
Artinya:
Lalu
berdiri lagi penguasa yang berasal dari orang biasa. Tapi memang
keturunan penguasa dahulu kala dan ibunya adalah seorang putri Pulau
Dewata. Karena jelas keturunan penguasa, penguasa baru susah dianiaya!
Semenjak itu berganti lagi jaman. Ganti jaman ganti cerita! Kapan? Tidak
lama, setelah bulan muncul di siang hari, disusul oleh lewatnya komet
yang terang benderang. Di bekas negara kita, berdiri lagi sebuah negara.
Negara di dalam negara dan pemimpinnya bukan keturunan Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu
beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran
di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta
duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong
eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani
ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan.
Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah
berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan;
da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé
sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana
aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina
ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
Artinya:
Lalu
akan ada penguasa, tapi penguasa yang mendirikan benteng yang tidak
boleh dibuka, yang mendirikan pintu yang tidak boleh ditutup, membuat
pancuran ditengah jalan, memelihara elang dipohon beringin. Memang
penguasa buta! Bukan buta pemaksa, tetapi buta tidak melihat, segala
penyakit dan penderitaan, penjahat juga pencuri menggerogoti rakyat yang
sudah susah. Sekalinya ada yang berani mengingatkan, yang diburu
bukanlah penderitaan itu semua tetapi orang yang mengingatkannya.
Semakin maju semakin banyak penguasa yang buta tuli. memerintah sambil
menyembah berhala. Lalu anak-anak muda salah pergaulan, aturan hanya
menjadi bahan omongan, karena yang membuatnya bukan orang yang mengerti
aturan itu sendiri. Wajar saja bila kolam semuanya mengering, pertanian
semuanya puso, bulir padi banyak yang diselewengkan, sebab yang
berjanjinya banyak tukang bohong, semua diberangus janji-janji belaka,
terlalu banyak orang pintar, tapi pintar kebelinger.
Ti dinya
datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron
butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi
henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan.
Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina
pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana
ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur
batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Artinya:
Pada
saat itu datang pemuda berjanggut, datangnya memakai baju serba hitam
sambil menyanding sarung/gembolan kain tua. Membangunkan semua yang
salah arah, mengingatkan pada yang lupa, tapi tidak dianggap. Karena
pintar kebelinger, maunya menang sendiri. Mereka tidak sadar, langit
sudah memerah, asap mengepul dari perapian. Alih-alih dianggap, pemuda
berjanggut ditangkap dimasukan kepenjara. Lalu mereka mengacak-ngacak
tanah orang lain, beralasan mencari musuh tapi sebenarnya mereka sengaja
membuat permusuhan.
Sing waspada! Sabab engké arinyana,
bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan,
saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu
baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé.
Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!
Artinya:
Waspadalah!
sebab mereka nanti akan melarang untuk menceritakan Pajajaran. Sebab
takut ketahuan, bahwa mereka yang jadi gara-gara selama ini. Penguasa
yang buta, semakin hari semakin berkuasa melebihi kerbau bule, mereka
tidak sadar jaman manusia sudah dikuasai oleh kelakuan hewan.
Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing
nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun.
Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana?
Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur
laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan
nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut?
Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta
bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi
kabarérang.
Artinya:
Kekuasaan
penguasa buta tidak berlangsung lama, tapi karena sudah kelewatan
menyengsarakan rakyat yang sudah berharap agar ada mukjizat datang untuk
mereka. Penguasa itu akan menjadi tumbal, tumbal untuk perbuatannya
sendiri, kapan waktunya? Nanti, saat munculnya anak gembala! di situ
akan banyak huru-hara, yang bermula di satu daerah semakin lama semakin
besar meluas di seluruh negara. yang tidak tahu menjadi gila dan
ikut-ikutan menyerobot dan bertengkar. Dipimpin oleh pemuda gendut!
Sebabnya bertengkar? Memperebutkan tanah. Yang sudah punya ingin lebih,
yang berhak meminta bagiannya. Hanya yang sadar pada diam, mereka hanya
menonton tapi tetap terbawa-bawa.
Nu garelut laju rareureuh;
laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan
sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu
garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju
naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu
satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang.
Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon
enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus
mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!
Artinya:
Yang
bertengkar lalu terdiam dan sadar ternyata mereka memperebutkan pepesan
kosong, sebab tanah sudah habis oleh mereka yang punya uang. Para
penguasa lalu menyusup, yang bertengkar ketakutan, ketakutan kehilangan
negara, lalu mereka mencari anak gembala, yang rumahnya di ujung sungai
yang pintunya setinggi batu, yang rimbun oleh pohon handeuleum dan
hanjuang. Semua mencari tumbal, tapi pemuda gembala sudah tidak ada,
sudah pergi bersama pemuda berjanggut, pergi membuka lahan baru di Lebak
Cawéné!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina
tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung
Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat.
Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana.
Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu
adil nu sajati.
Artinya:
Yang
ditemui hanya gagak yang berkoar di dahan mati. Dengarkan! jaman akan
berganti lagi, tapi nanti, Setelah Gunung Gede meletus, disusul oleh
tujuh gunung. Ribut lagi seluruh bumi. Orang sunda dipanggil-panggil,
orang sunda memaafkan. Baik lagi semuanya. Negara bersatu kembali. Nusa
jaya lagi, sebab berdiri ratu adil, ratu adil yang sejati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Artinya:
Tapi ratu siapa? darimana asalnya sang ratu? Nanti juga kalian akan tahu. Sekarang, cari oleh kalian pemuda gembala.
Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!
Artinya:
Silahkan pergi, ingat jangan menoleh kebelakang!
Regepkeun...
BalasHapus