Jumat, 10 Agustus 2012

Tatarucingan…..

 

Bahasa Arabna buah-buahan

Alpukat

Bahasa Arabna Permadani

Alketip

Bahasa Arabna Kalender

Almenak

Bahasa Arabna Parabot dapur

Almunium

Leutik Hideng Kesangan ?

Sireum Tas Pus ap

Hideung Koneng Hejo ?

Urang Negro Modolna Jukut

Tikajauhan koneng ti kadeukeutan beureum

Jawab Salah tetenjoan

Di cabak ledok di takol ngabelentrang

Tai kotok dina Katel

Sato Naon Nupang leutikna

Tongo tapa 10 taun,tipes,kagencet batu

Kaleng Naon Nu Paur

Kalengkahan Maung

Kaca naon nu Berat

Kacalikan Gajah

Tahu naon nu pangbauna

Tahuntu Sia

Ucing Ngising Muru naon

Murukungkung

Jelma modol bari naon

Barijil

Leutik bodas ngabelesat

Remeh napel na pesawat jet

Oray hejo ngaringkel Udud

Obat nyamuk

Kumaha ngabedakeun gajah leutik jeung gajah gede

Di ayak

Di asupkeun kalah kaluar

Kancing

Basa Jepangna nu Reneh renang

Kukira Kura kura

Basa Jepangna Botak

Karineke

Basa jepangna Naek Motor

Suzuki kutaiki

Basa Arabna Ombeh

Ala an Taina

Basa Arabna Kopeah

Waddahuulu

Basa Cinana Leupas

Cing Cuang Cang-cang

Basa Cinana Rok

Cing Cuang Cing Cat

Basa Jepangna Boke

Sakurata

Mun Turun Lila, Mun Naek Gancang

Leho

Tugu naon nu enak

Tugo Monas..monasi goreng, monasi uduk, kumaha ilaing we

Nabi nu sok ngaroko

Nabi Wir

Sapi naon nu gancang

Sapida balap

Di teuk teuk angger panjang

Kacang Panjang

Huluna na suku, matana na suku, irungna nasuku, awakna na suku?

Hayam katincak

Leutik bodas hirup,cicing dina hulu

Kutu keur keputihan

Aki-aki ragrag surak

Sakti

Basa Arabna nini-nini lagrag ti tingkat 5

Innalilahi Wainna ilaihi roji’un

Lele naon nu sok aya di sisi jalan

Lelepon Umum

Bedana Apel jeung Upil

Apel mah luhureun meja, mun upil handapeun meja

Paskibra naon nu teu ngenah

Pas kibra-kibrana sare di hudangkeun

Bedana HP jeung monyet

HP mah Nokia, monyetmah Nukieu

Lomari naon nu sok nyanyi

Lomari Irama… anjir maksakeun

Oray naon nu majuna lempeng

Oray ngadahar linggis

Cik Susun jadi kalimat “ Tai-Tikus-Kucing-Makan”

Kucing Makan Tikus,…Taina dahar ku Sia

Jelema meuli bantal keur naon

Keur hudang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar